Pangpangna bapa menta supaya hidep mangnyuhunkeun, mangnedakeun, mangnyambatkeun, jeung mangsukurkeun ka Allah pikeun jalma rea,
2
pikeun kapala-kapala nagara, jeung pikeun kapala-kapala pamarentahan. Suhunkeun supaya urang hirup teh ayem jeung tengtrem, ibadah ka Allah, peryoga lampah.
3
Paneda kitu hade, sapuk jeung kahoyong Allah Jurusalamet urang,
4
anu mikahoyong supaya manusa teh kabeh salamet sarta daraek narima ka nu sayakti,
5
nya eta: Allah teh hiji, jeung ngan hiji bae jalan anu ngahijikeun manusa jeung Allah, nya eta manusa Kristus Yesus,
6
anu geus ngurbankeun anjeun supaya kabeh manusa bisa disalametkeun. Ku jalan kitu, Allah teh dina mangsana geus ngabuktikeun kahoyongna nyalametkeun sakabeh manusa.
7
Sarta nya ku karana eta bapa diutus jadi rasul jeung guru pikeun jalma-jalma nu lain Yahudi, nguarkeun kapercayaan jeung kayaktian anu dianut ku anu palercaya ka Kristus. Bapa henteu bohong. Ieu ucapan bapa teh saenyana!
8
Di unggal jamaah, lalaki anu ngabaktikeun diri ka Allah kudu neneda namprakkeun leungeun kalawan hate beresih, bebas tina kaambek jeung unek-unek.
9
Mun awewe, kudu hade pake, kudu pantes jeung merenah, sing sameujeuhna ulah kaleuleuwihi, buuk tong dimodel-model, pakean tong nu mararahal, awak ulah reuceum ku perhiasan emas atawa mutiara.
10
Anggur dangdanan ku kaampuhan, sakumaha pipanteseunana awewe nu ibadah ka Allah.
11
Awewe mah kudu lungguh andalemi,
12
ka salaki ulah kumawani, ulah marentah atawa mamatahan.
13
Sabab anu dipidamel ku Allah teh Adam heula, kakara Hawa.
14
Tapi anu kawujuk jeung ngarempak larangan Allah teh Hawa, lain Adam.
15
Tapi awewe teh kudu ngajuru sangkan bisa disalametkeun. Kitu ge kudu reujeung pengkuh kana ibadah, boga kanyaah, beresih lampah, basajan pamolah.